BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji pasualan nu disanghareupan ku Bangsa Indonesia nya éta krisis integritas jeung idéntitas minangka konsékwénsi bangsa nu majemuk. Ayana disintegrasi geus bisa katitén di sababaraha daérah saperti Aceh jeung Irian Jaya. Maranéhanana marénta otonom daérah malah nepi ka ménta kamerdekaan. Numutkeun Anwar Saleh Daulay (salah sahiji Dosén IAIN Medan), aya sababaraha faktor nu mangaruhan ayana disintegrasi di sababaraha daérah. Faktor-faktor nu mangaruhan éta di antarana nya éta ngeunaan gaya hirup saperti tumerapna séntralisme di sagala widang, jeung ayana arus intervensi atawa pangaruh budaya asing. Akibatna, poténsi budaya lokal salaku alat pikeun ngabina jiwa integritas jeung idéntitas bangsa nu katelah ku semboyan Bhineka Tunggal Ika téh kaganggu. Numutkeun
Koentjaraningrat,
nu
(http://www.sinarharapan.co.id/budaya/html)
dikutip salah
ku sahiji
Jakob
Oetama
cara
pikeun
nyanghareupan pasualan-pasualan di luhur nya éta ngaliwatan jalur kabudayaan. Éta katerangan téh bisa katitén di handap ieu: ’Upaya membangun kebudayaan Indonesia yang dirancang secara sadar-a creation by design and not by default untuk mengatasi berbagai persoalan yang kita hadapi sekarang ini merupakan satu hal yang tidak boleh terabaikan. Jalan keluar dari tatanan global tidak cukup hanya dengan upaya mengubah struktur tatanan dunia. Hal itu harus dibarengi oleh satu usaha bersama untuk memperbaiki kemampuan yang ada dalam
diri kita sendiri dan oleh karenanya kebudayaan menjadi satu hal yang sangat sentral sifatnya’.
Salian pasualan di luhur, bangsa Indonesia ogé keur ngalaman pangaruh kamekaran téhnologi modérn nu asup ka daérah-daérah. Éta pangaruh kamekaran téhnologi téh mangaruhan ajén-inajén nu aya di masarakat nepi ka mangaruhan kamekaran kabudayaanana. Éta parobahan loba pisan rupana saluyu jeung kaayaan lingkungan alamna. Nepi ka loba budaya-budaya asli Indonesia teu dipaliré ku masarakatna malah nepi ka laleungitna. Tina masalah nu dijéntrékeun di luhur, bisa dicindekeun yén salah sahiji cara pikeun ngawewegan jiwa integritas jeung idéntitas bangsa téh ngaliwatan ajén budaya. Ku cara méré nyaho jeung ngasosialisasikeun adat budaya ka masarakat, dipiharep masarakat Indonesia miboga sisindekelan anu weweg perkara ajén budaya nepi ka mampuh nyanghareupan hal-hal nu ngarusak sistem ajén-inajén sosial budaya. Mekarkeun budaya nasional, nu miangna tina budaya-budaya daérah, dina enas-enasna mah méré kasempetan ka masarakat pikeun ngabina kabudayaan di daérahna (sélér) séwang-séwangan, ku sabab unggal daérah miboga kabudayaan anu has. Ku kituna unggal sélér miboga cara pikeun ngamumulé éta budaya, nepi ka masarakatna mampuh nyangharepan masalah-masalah nu dibehas di luhur. Ngaguar perkara sélér bangsa, tangtu loba pisan unak-anik jeung rambat kamaléna patali jeung pola pikir tur kalakuan masarakat anu béda téa. Sélér-sélér bangsa di Indonesia téh ngawengku: Sunda, Jawa, Aceh, Bali, Batak, Minangkabau, Toraja, Asmat, jst. Munasabah unggal sélér bangsa di Indonesia
miboga budaya nu ”ciri sabumi cara sadésa” atawa miboga ciri anu has tur béda jeung nu lianna. Dina sistem réligi téh ngawengku tilu unsur, di antarana nya éta (1) sistem kayakinan, (2) sistem upacara adat, sarta (3) umatna nu ngalaksanakeun (Koentjaraningrat, 1990: 377). Numutkeun James Danandjaja, (2002: 153), dina sistem kayakinan miboga wujud salaku sistem kayakinan jeung gagasan ngenaan Pangéran, déwa, jeung mahluk gaib atawa percaya kana hal-hal nu sipatna mitos atawa anu sipatna tahayul. Numutkeun urang Barat mah tahayul dianggap basajan, teu dumasar logika, nepi ka sacara ilmiah mah teu bisa dipertanggungjawabkeun. Aspék réligi anu napak dina tradisi minangka banda budaya, geus dipintonkeun ku warga di Désa Cisungsang-Banten Kidul. Di Désa Cisungsang ieu aya tradisi atawa kabiasaan anu méh unggal taun dilaksanakeun salaku wujud tumarimana jeung ngajénan ka karuhun tur mumusti Déwi Sri sarta sukuran ka Pangéran lantaran geus hasil tatanénna. Tradisi ieu katelah Sérén Taun. Sérén Taun di Cisungsang dilaksanakeun sabada 49 poé musim dibuat. Ieu Upacara Adat Sérén Taun téh dilaksanakeun galibna leuwih ti opat (4) poé malah aya kalana nepi ka dalapan (8) poé. Tina dalapan poé éta digelarkeun sagala rupa kagiatan, anu nyoko kana sukuran panén. Dina kagiatan Sérén Taun ieu ngawengku sababaraha kagiatan nu museur kana ngajénan tur ngamumulé paré minangka simbol Dewi Sri. Pikeun urang Cisungsang, Déwi Sri téh dianggap simbol paré. Paré mangrupa tatali hurip bangsa urang, hususna urang Sunda. Ku kituna, masarakat Cisungsnag ngayakeun ritual-ritual nu témana ngamumulé paré. Ti mimiti melak nepi ka nyimpen paré.
Dina kagiatan Upacara Adat Sérén Taun, sok diwuwuh ku pagelaranpagelaran kasenian nu ngawengku kasenian Sunda buhun jeung kasenian modérn. Pagelaran-pagelaran nu kaasup kana kasenian Sunda buhun di antarana nya éta pagelaran Pantun, Wayang Golék, Angklung Buhun, Calung, jeung pagelaran kasenian nu lianna. Sedengkeun nu kaasup kana kasenian modérn nu digelarkeun dina Upacara Adat Sérén Taun téh nya éta dangdut. Eta pagelaran-pagelaran kasenian téh miboga fungsi sosial jeung fungsi rékréatif boh keur masarakat lingkungan Cisungsang, boh keur masarakat luar. Ngeunaan ieu upacara, can aya panalungtikan boh ku lembaga boh instansi pamaréntahan anu ngabahas sacara teleb pisan. Nu aya ngan ukur informasi sabéngbatan ngeunaan pelaksanaan ku instansi nu aya di éta daérah, di antarana disarungsum ku Dinas Kabudayaan & Pariwisata Provinsi Banten nu medar ngeunaan ”Masarakat Adat Cisungsang”. Ku lantaran, can ayana nu ngaguar ngeunaan Upacara Sérén Taun sacara nyosok jero, bawirasa perlu aya panalungtikan nu leuwih daria. Ieu panalungtikan téh dirancang pikeun ngaguar unak-anik Upacara Adat Sérén Taun. Dina ieu panalungtikan bakal medar ngeunaan ajén-inajén nu aya dina Upacara Adat Sérén Taun nu nyampak dina pakakas (properti) éta upacara adat. Sabab unggal upacara adat dina enas-enasna mah miboga simbol-simbol atawa lambang-lambang nu nyampak dina sasajén, pakakas atawa properti nu digunakeun lianna.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Di masarakat Cisungsang, cara ngamumulé paré réa pisan rupana saperti Nibakeun Sri ka Bumi, Ngamitkeun Sri ka Bumi, Ngunjal, jeung Sérén Taun. Dina ieu panalungtikan, baris dibahas data tur informasi ngeunaan Upacara Adat Sérén Taun nu aya di Désa Cisungsang-Banten Kidul. Sangkan pedaran henteu méngpar jeung teu lega teuing ambahanana, masalah dina ieu panalungtikan baris diwatesanan nya éta
Invéntarisasi Ajén Budaya dina
Upacara Adat Sérén Taun di Désa Cisungsang-Banten Kidul.
1.2.2 Rumusan Masalah Ngarumuskeun masalah dina panalungtikan mangrupa hiji hal nu penting. Ku kituna, éta rumusan masalah bakal jadi pituduh pikeun ngumpulkeun data. Dumasar kasang tukang jeung watesan masalah nu aya di luhur, di handap ieu aya sababaraha rumusan masalah nu dipidangkeun dina wangun patalékan. 1) Kumaha prak-prakanana Upacara Adat Sérén Taun? 2) Pakakas (properti) naon waé nu dipaké dina Upacara Adat Sérén Taun? 3) Simbol-simbol naon waé nu nyampak dina pakakas (properti) nu digunakeun dina Upacara Adat Sérén Taun? 4) Ajén budaya naon nu nyampak dina Upacara Adat Sérén Taun?
1.3 Tujuan jeung Mangpaat Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Panalungtikan Luyu jeung rumusan masalah anu geus ditepikeun, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun ajén hirup sarta bisa ngarojong kana kamangpaatan upacara adat dina raraga ngabina ajén kamekaran budaya. Salian ti éta, ieu panalungtikan ogé dipiharep bisa ngadéskripsikeun : 1) Prak-prakan Upacara Adat Sérén Taun. 2) Properti nu dipaké dina Upacara Adat Sérén Taun. 3) Simbol-simbol nu nyampak dina properti nu digunakeun dina Upacara Adat Sérén Taun. 4) Ajén budaya nu nyampak dina Upacara Adat Sérén Taun.
1.3.2
Mangpaat Panalungtikan Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngalegaan élmu pangaweruh ngeunaan
kabudayaan nu aya di masarakat Sunda hususna di daérah Banten Kidul, boh keur nu nalungtik boh masarakat lianna.
1.4 Anggapan Dasar Anggapan dasar dina panalungtikan nya éta hiji pamadegan nu dipercaya ku panalungtik (Arikunto, 2002: 58). Anapon anggapan dasar dina ieu panalungtikan bisa diwincik di handap ieu : 1) Kabudayaan téh nya éta hasil karya, rasa, tur cipta masyarakat nu sacara turun-tumurun dijaga tur dimumulé.
2) Ajén budaya dina enas-enasna mah mangrupa pola pikir jeung pola tingkah laku manusa dina kahirupanana nu ngawengku hal nu goréng jeung nu alus. 3) Dina enas-enasna mah, patani téh percaya yén huma téh aya anu ngageugeuh, jeung aya nu ngajaga, nya éta Déwi Sri salaku simbol paré. Ku kituna Upacara Adat Sérén Taun dilaksanakeun salaku ungkapan rasa ajén ti maranéhanana. 4) Upacara Adat Sérén Taun dilaksanakeun unggal taun ku masarakat Cisungsang.
1.5 Wangenan Oprasional Moh. Nazir (1999: 152), nétélakeun yén wangenan oprasional téh nya éta hiji wangenan pikeun hiji variabel ku cara méré harti, atawa napsirkeun kagiatan, atawa méré hiji oprasional nu diperlukeun pikeun ngukur éta variabel. Pikeun nyingkahan kasalahpahaman dina napsirkeun istilah-istilah nu aya dina ieu panalungtikan, perlu pisan ngadadarkeur maksud tina istilah-istilah nu aya hubunganana kana éta hal. Istilah-istilah nu aya dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Invéntarisasi Inventarisasi nya éta kagiatan nyatet atawa daptar barang-barang milik kantor (KUBI, 2001: 191) Invéntarisasi dina ieu panalungtikan nya éta ngadokuméntasikeun atawa ngumpulkeun data jeung informasi ngeunaan hiji data ngeunaan tradisi masarakat agraris tradisional Sunda nu aya di Désa Cisungsang-Banten Kidul.
2) Ajén Budaya Numutkeun Abdul Manan dina Subiyanto (1999: 25) méré wangenan yén ajén budaya téh mangrupa runtuyan sikeup nu nimbulkeun atawa nyababkeun pamikiran-pamikiran nu kudu dijieun pikeun ngahasilkeun hiji satandar atawa runtuyan prinsip tur aktipitas nu bisa diukur. Ajén budaya di dieu nya éta ajén-ajén nu aya dina Upacara Adat Sérén Taun nu mangrupa hasil karya, cipta, jeung karsa masarakat Cisungsang nu aya di Banten Kidul.
3) Upacara Adat Upacara nya éta tanda-tanda kaagungan, perayaan anu dilakukeun atawa diayakeun nu patalina jeung kajadian anu penting. Sedengkeun adat mangrupa hiji hal anu dipikawanoh, dipikanyaho, sarta geus jadi kabiasaan dina masarakat, bisa mangrupa kekecapan atawa rupa-rupa kalakuan (Ensiklopedia Sunda, 2000: 14). Jadi bisa dicindekeun upacara adat téh nya éta kagiatan sakral anu dilakukeun ku sakolompok masarakat pikeun tujuan nu tangtu, tur éta kagiatan geus jadi kabiasaan atawa sacara turun tumurun dilaksanakeun.
4) Sérén Taun Sérén Taun téh nya éta upacara adat nu dilaksanakeun di sababaraha tempat di Jawa Barat dumasar kana gantina taun numutkeun kalender Islam. Dihubungkeun jeung réngséna panén paré di huma atawa sawah. Dina éta
kagiatan dilaksanakeun sababaraha pentas seni, gumantung daérahna (Ensiklopedia Sunda, 2000: 590). Upacara Adat Sérén Taun di dieu nya éta Upacara Adat Sérén Taun nu dilaksanakeun ku masarakat Cisungsang, nu mangrupa hiji upacara adat pikeun sukuran ka Pangéran. Salian ti éta, ieu upacara adat téh pikeun neruskeun tradisi karuhun anu ngamumulé ayana Déwi Sri salaku simbol paré.
1.6 Métode Panalungtikan Métode panalungtikan nya éta hiji cara pikeun meunangkeun pangaweruh atawa jalan pikeun ngaréngsékeun pasualan nu disanghareupan, sarta dilakukeun sacara ilmiah tur sistematis, sarta logis (Arikunto, 1992: 351). Ieu panalungtikan ngarujuk kana panalungtikan lapangan, ku kituna métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif nu ngagunakeun
pamarekan
kualitatif.
Panalungtikan
déskriptif
mangrupa
panalungtikan nu ngadadarkeun fénoména atawa kaayaan nu saujratna hasil laporan ti lapangan. Hasil panalungtikan ti lapangan di antarana nya éta, sagala hal nu aya patalina jeung Upacara Adat Sérén Taun nu digelarkeun ku masarakat Cisungsang, Banten Kidul. Sedengkeun
tujuan
ngagunakeun
panalungtikan
déskriptif
dina
panalungtikan ieu nya éta pikeun: 1) Néangan informasi ngenaan digeularkeunana Upacara Adat Sérén Taun nu aya di Désa Cisungsang.
2) Ngaidéntifikasikeun masalah-masalah pikeun ngawewegan kaayaan jeung prak-prakanana nu lumangsung dina Upacara Adat Sérén Taun, sarta sagala hal nu aya hubunganana jeung nu rék ditalungtik dina ieu laporan.
1.7 Populasi jeung Sampel 1.7.1 Populasi Populasi nya éta sakabéh subjék anu rék ditalungtik dina hiji kagiatan panalungtikan, boh mangrupa barang, manusa, kajadian, atawa gejala-gejala nu bakal datang. Sedengkeun objék dina panalungtikan nya éta hiji hal nu ditalungtik, hasilna dianalisis, tur dicindekken (Arikunto, 2002: 108). Populasi dina ieu panalungtikan nya éta masarakat Cisungsang, pakakas (properti) nu dipaké dina Upacara Adat Sérén Taun, kagiatan Upacara Adat Sérén Taun, jeung ajén nu aya dina Upacara Adat Sérén Taun. Anapon objék nu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta ajén budaya nu aya dina Upacara Adat Sérén Taun.
1.7.2 Sampel Sampel nya éta bagian tina populasi anu dianggap bisa ngawakilan populasi (Suyatna, 2002: 11). Dina ieu panalungtikan, nu bisa dijadikeun sampel nya éta masarakat Cisungsang nu ngalaksanakeun Upacara Adat Sérén Taun. Sampel nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta sampel purposive. Numutkeun Arikunto (2002: 117), sampel purposive dilakukeun ku cara nyokot
subjék dumasar kana ayana tujuan nu tangtu. Téhnik ieu biasana dilakukeun ku lantaran aya sababaraha pamikiran, misalna alesan waktu, tanaga, jeung dana. Alesan digunakeunana sampel purposive dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Saluyu jeung pamikiran panalungtik ku lantaran bisa ngawakilan populasi, 2) Panalungtik milih sumber data saluyu jeung variabel nu ditalungtik.